Lompat ke isi

Wikisource

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Révisi per 1 Oktober 2023 12.53 ku Akbar Soepadhi (obrolan | kontribusi)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)

Wikisource atawa Wikipabukon, The Free Library ("Perpustakaan Bébas"), nyaéta hiji proyék Wikimedia nu tujuanana ngawangun hiji perpustakaan wiki nu eusina bébas tur diwangun ku naskah-naskah sumber kahiji (primary source), sarta terjemahan naskah-naskah sumber ka jero basa naon waé jeung bahan-bahan pangrojongna. Alamatna aya di www.wikisource.org.

Wikisource dimimitian ku ngaran Project Sourceberg dina tanggal24 Nopémber 2003 kalawan domain http://sources.wikipedia.org. Ngaranna ganti jadi Wikisource dina 6 Desember 2003. Alamatna resmi dipindahkeun ka http://wikisource.org dina tanggal 23 Juli 2004. Versi basa Sundana aya di alamat su.wikisource.org.