Lompat ke isi

Pantun Kuningan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.

Pantun Kuningan mangrupa lalakon-lalakon pantun anu asalna atawa populér di daérah Kuningan; atawa wanda pagelaran mantun daérah Kuningan.[1] Ieu istilah di antarana disebut dina buku carita pantun Ratu Bungsu Karma Jaya atawa Lutung Leutik (Wiranangga-pati,1951).[1]Tacan kaungkab kalawan tutas kumaha saéstuna pantun Kuningan téh,boh ngeunaan jumlah lalakonna,wandana,basana,adegan caritana,pungsina,jste.upama dibandingkeun jeung pantun ti daérah séjénna.[1]Nepi ka kiwari lalakon-lalakon anu dianggap has pantun Kuningan téh di antarana lalakon Ratu Bungsu Karma Jaya,Kembang Panyarikan,jeung Demung Kalagan.[1]

Rujukan

  1. a b c d Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 102.